Rabu, 19 November 2008

Paribasa englis-versi sunda


 
Paribasa englis-versi sunda

 

duka leres duka henteu ieu paribasa teh...(menang kopi jeung paste) 

 

JUST BEE YOURSELF ("Seureudkeun diri sorangan kana nyiruan")
Jadi diri sorangan, mun ngarasa goreng patut kudu syukur, lantaran mun hade rupa bisi loba dosa hehehe ....

 

THE RIGHT MAN IN THE WRONG PLACE ("Jelema nu lebah katuhu,salah tempat..kuduna cicing di kenca")
kasep/geulis jeung goreng patut eta gumantung kana lingkungan, misalna aranjeun didieu panggorengna, tapi bisa jadi di aprika mah pangkasepna/panggeulisna, matakna pindah geura ka ditu.

 

DONT JUDGE THE BOOK BY THE COVER ( "Montong ngahukum buku make koper" )
Ulah pegat harepan, teu kabeh jalma nempo tina pisikna,  saha nu nyaho tina imahna, mobilna, pagaweanana, atau tabunganana

 

LIKE FATHER LIKE SON ( "Suka ka bapana, suka oge ka anakna" )
Tong nyalahkaeun sorangan mun goreng patut, salahkeun kolot wae sabab goreng patutmah da turunan.... bener pan?

 

THE BEAUTY IS UNDER THE SKIN ( "Jadi geulis mun geus ganti kulit" )
Omean inner beauty aranjeun, eta mun ngarasa sisi luar geus ancur teu katulungan deui....

 

NO GAIN WITHOUT PAIN  ("moal meunang duit mun teu nyeri heula...jiga kuda lumping" )
tong nyeri hate mun dipoyokan goreng patut, cuek wae lah, inget film Beauty and The Beast pan?)

 

THE TRUTH IS OUT THERE ("Nu ngajawab bener, meunang kaluar")
Inget basa keur SD euy... ehhehehe....

 

LOVE IS BLIND ("Micinta nu lolong")
Cinta teu nempo kasep atawa goreng, teu percaya? tanyakeun wae ka jalma goreng patut.

Memang kasep/geulis mah relatip...tapi mun goreng patut mah MUTLAK

 

 

nuhun nu tos maos paribasa nu ngacapruk ieu.... hidup goreng patut...!!!

 


__._,_.___

Tidak ada komentar:

Facebook